B. Daerah

Pertanyaan

kuring ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa… A rarahulan B mijalma C ngupamakeun D ngasor

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
    Kelas : IX (3 SMP)
    Pembahasan :

    Kuring ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa rarahulan atawa gaya basa hiperbola. Gaya basa teh mangrupa kalimah atawa rakitan basa anu biasa dipake pikeun bisa nimbulkeun efek atawa pangaruh anu leuwih jero ka anu maca atawa ka anu ngaregepkeun eta kalimah, ku jalan ngabandingkeun hiji barang ku barang lianna. Umpama dilarapkeun dina kalimah, gaya basa bisa jadi mamanis basa.

    Gaya basa rarahulan atawa gaya basa hiperbola, mangrupa gaya basa ku jalan ngagede-gedekeun sagala rupana. Gaya basa rarahulan digunakeun pikeun leuwih negeskeun hiji obrolan anu ditepikeun. Anu sabalikna tina gaya basa rarahulan nyaeta gaya basa ngasor. Dina gaya basa ngasor mah sagalarupana teh sabalikna ti gaya basa rarahulan, nyaeta dileutik-leutikkeun. Gaya basa ngasor biasana dipake pikeun ngahandapkeun diri atawa handap asor.

Pertanyaan Lainnya