B. Daerah

Pertanyaan

kecap nu sok dipake dina sajak nyaeta

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - SajakĀ 
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Kecap nu sok dipake dina sajak nyaeta kecap nu merenah jeung endah, nyaeta saperti kecap atawa kekecapan anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Kekecapan anu merenah tur endah teh mangrupa salahsahiji unsur lahiriah anu aya dina rumpaka sajak.

    Unsur-unsur kahiriah salengkepna anu aya dina rumpaka sajak nyaeta unsur-unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah. Sedengkeun anu mangrupa unsur-unsur batiniah anu aya dina rumpaka sajak nyaeta unsur-unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.

    Kecap-kecap anu aya dina gaya basa biasana oge umpama diucapkeun atawa dilarapkeun dina sajak sok bisa jadi mamanis basa, anu bisa ngajadikeun kekecapan jadi endah. Kekecapan anu aya dina gaya basa oge biasana sok ngandung harti konotatif.

Pertanyaan Lainnya