B. Daerah

Pertanyaan

Terangkeun harti paribasa ieu : Ucing jeung anjing, hayang untung kalah buntung, agul ku payung butut, mopo memeh nanggung, ngaliarkeun taleus ateul, mihape hayam ka heulang, nyaeuran gunung ku taneuh, nyiuk cai ku ayakan, nete semplek nincak semplak, tiis ceuli herang mata

1 Jawaban

  • Aya dua harti paribasa nyaeta harti injeuman jeung harti saujratna. Anu dimaksud ku pananya di luhur nyaeta hanrti injeuman atawa konotatif tina kalimah atawa kekecapan nu aya dina hiji paribasa. Paribasa kaasup kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, kila kila jeung pamali.  

    Pembahasan

    Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta harti tina unggal paribasa nu ditanyakeun:

    1. Ucing jeung anj*ng hartina nyaeta dua jelema anu lamun paamprok teh kudu pasea bae, henteu daek akur.
    2. Hayang untung jadi buntung hartina nyaeta miharep panggih jeung kauntungan tapi kalahka panggih jeung karugian.
    3. Agul ku payung butut hartina nyaeta agul ku turunan.
    4. Mopo méméh nanggung hartina nyaeta teu sanggup atawa hoream samemeh migawe hiji hal anu kuduna dipigawe.
    5. Ngaliarkeun taleus ateul hartina nyaeta ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur..
    6. Mihape hayam ka heulang hartina nyaeta nitip barang ka jelema nu teu jujur
    7. Nyaeuran gunung ku taneuh hartina nyaeta nambahan kakayaan atawa kauntungan ka anu geus beunghar.
    8. Nyiuk cai ku ayakan hartina nyaeta pagawean anu moal ngahasilkeun naon naon atawa pagawean nu mubadir.
    9. Nete semplek nincak semplak hartina nyaeta ninggang dina salah jeung rugi bae, kieu salah kitu salah  
    10. Tiis ceuli herang mata hartina nyaeta tengtrem atawa teu aya gangguan naon naon.

    Pelajari lebih lanjut

    • Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
    • Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Harti paribasa

Pertanyaan Lainnya