B. Daerah

Pertanyaan

naon n dimaksud ngantet satata

1 Jawaban

  • Kalimah ngantet nyaeta kalimah majemuk nu dibentuk ku dua kalimah atawa leuwih nu disambungkeun atawa dikantetkeun. Kalimah ngantet satata, nyaeta kalimah ngantet atawa kalimah majemuk anu kalimah-kalimahna sadarajat atawa satata. Conto-conto kalimah ngantet satata:

    1. Kuring meuli beas jeung kopi. Kalimah ieu teh mangrupa gabungan dua kalimah : a. Kuring meuli beas, b. Kuring meuli kopi.

    2. Kuring keur mikir naha rek balik ayeuna atawa isukan. Kalimah ieu teh mangrupa gabungan dua kalimah : a. Kuring keur mikir naha rek balik ayeuna, b. Kuring keur mikir naha rek balik isukan.

Pertanyaan Lainnya