B. Daerah

Pertanyaan

Ucapan Matok nu mangrupa siloka lakuning hirup disebut....
A.Basa
B.Tata basa
C.Paribasa
D.Kecap

1 Jawaban

  • Ucapan matok nu mangrupa siloka lakuning hirup disebut paribasa. Jadi, jawaban pikeun pananya di luhur teh nyaeta (C.) Paribasa. Paribasa nyaeta bagian tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah anu miboga susunan anu geus matok sarta harti anu geus matok oge.  

    Pembahasan

    Dina basa Sunda, anu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila. Kusbab pakeman basa teh, saperti paribasa jeung babasan, nyaeta kekecapan atawa kalimah anu miboga susunan anu geus matok, kecap-kecap nu aya dina paribasa atawa babasan teh teu meunang dirobah.  

    Contona, sanajan loba paribasa atawa babasan teh anu sok ngagunakeun ragam basa loma, eta paribasa atawa babasan teh teu meunang dilemeskeun umpama aya dina kalimah ragam basa hormat. Jadi, saperti babasan "gede hulu" teh dina kalimah ragam basa hormat henteu kudu dilemeskeun jadi "ageung mastaka" umpamana.  

    Pelajari lebih lanjut

    1. Contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1960498

    2. Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812

    3. Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Paribasa, siloka lakuning hirup, babasan, pakeman basa

Pertanyaan Lainnya