B. Daerah

Pertanyaan

pangarang sunda nu munggaran ngarang sajak dina taun 1946 teh... a. ajip rosidi b. wahyu wibisana c. godi suwarna d. kis w.s.

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Pangarang Sunda nu munggaran ngarang sajak dina taun 1946 teh nyaeta Kis WS. Sajak nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Dina mangsa awal gelarna sajak dina sastra Sunda teh aya anu pro jeung kontra kana sajak. Sabab pikeun anu kontra kana sajak, harita mah sajak teh kacirina aneh umpama dibandingkeun jeung wangun puisi Sunda lianna, utamana wangun puisi anu kauger ku patokan, saperti patokan pupuh.

    Sabenerna saacan sajak dipikawanoh ku sastrawan Sunda, dina sastra Sunda geus aya karya sastra Sunda wangun puisi anu rumpakana bebas atawa teu kauger ku patokan, nyaeta saperti kawih. Umpama sajak kungsi disebut "sajak bebas", kawih oge sok disebut "lalaguan Sunda bebas".

Pertanyaan Lainnya