ciri cri novel basa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hal anu perlu dilakukeun sangkan bisa ngajelaskeun ciri ciri novel dina basa Sunda nyaeta perlu maham naon anu diamksud novel. Novel mangrupakeun karya sastra anu kaasup kana wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern.
Conto karya sastra anu kaasup kana prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra anu kaasup kana prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon. Eusi carita anu aya dina novel bisa mangrupa carita nyata atawa carita rekaan atawa khayal.
Pembahasan
Karangan carita nu aya dina hiji novel ngandung carita anu panjang ngeunaan kahirupan hiji jalma sarta jalma lianna anu aya di sabudeureunnana. Kusabab caritana panjang, carita anu aya dina novel bisa nonjolkeun atawa ngebrehkeun sipat jeung watek unggal palaku sacara leuwih rinci dibandingkeun jeung carita anu aya dina carita lianna, saperti dina carita pondok anu memang caritana leuwih pondok. Panjang carpon biasana ngan saukur 5 nepi ka 10 kaca majalah, sedengkeun carita nu aya dina novel panjangna bisa mangrupakeun hiji buku.
Ciri-ciri novel sacara lengkep nyaeta:
- Carita dina novel biasana ngabogaan eusi anu mangrupa carita khayal atawa carita nyata.
- Anu nulis novel biasana jelas.
- Novel kaasupna kana carita prosa anyar.
- Carita dina novel biasana mangrupa carita anu rakyat sentris, realistis, bahan caritana dicokot tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, sarta biasana dipangaruhan ku sastra barat.
- Eusi carita dina novel, temana biasana bebas, sarta sifatna dinamis.
- Palaku anu aya dina novel biasana ngan jelema wungkul (beda jeung dongeng anu palakuna bisa jalam, sato atawa tutuwuhan).
- Carita khayal anu aya dina novel logis sarta realistis, henteu siga carita nu aya dina dongeng.
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu dimaksud novel https://brainly.co.id/tugas/8770348
- Cara nganalisis novel https://brainly.co.id/tugas/9548939
- Naon bedana novel jeung carpon https://brainly.co.id/tugas/6136771
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Maca Novel
Bab : 5
Kode : 9.13.5
Kata Kunci : Ciri ciri novel dina basa Sunda