B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun unsur unsur intrinsik dina carpon

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Carita Pondok
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahsan :

    Carita pondok atawa carpon nyaeta hiji karya sastra dina wangun prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti carpon jeung novel. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

    Dina carpon aya anu disebut unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur-unsur intrinsik anu aya dina carpon nyaeta tema, tokoh, watak tokoh, latar, galur, gaya basa, sudut pandang jeung amanat. Dihandap ieu dijentrekeun unsur-unsur intrinsik nu aya dina hiji carpon :

    1. Tema mangrupa pikiran, gagasan atawa ide utama anu jadi dasar carita hiji carpon. Tema nyaeta anu jadi jiwana tina sakabeh bagian carita anu aya dina carpon.

    2. Tokoh mangrupa jalma-jalma anu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji carpon. Tokoh dibagi jadi tilu rupa nyaeta: protagonis hartina anu jadi tokoh utama, antagonis hartina anu jadi tokoh lawanna tokoh utama, jeung tritagonis hartina anu jadi panengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.

    3. Watak tokoh nyaeta anu ngagambarkeun watak atawa karakter tokoh anu bisa ditilik tina tilu sisi nyaeta : Dialog tokoh, Penjelasan tokoh jeung Penggambaran fisik tokoh.

    4. Latar mangrupa sagala petunjuk atawa katerangan anu aya patalina jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa dina hiji carpon. Aya tilu unsur anu poko anu aya dina latar, nyaeta latar tempat, latar waktu jeung latar suasana.

    5. Galur mangrupa runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina hiji carpon.

    6. Gaya bahasa mangrupa hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang sangkan ngahasilkeun carpon anu eusi caritana hirup jeung endah.

    7. Sudut pandang mangrupa hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh anu aya dina hiji carpon ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.

    8. Amanat nyaeta anu jadi pasualan, perkara, pesan atawa piwuruk anu rek ditepikeun ku pangarang liwat eta carpon.

Pertanyaan Lainnya