B. Daerah

Pertanyaan

naon anu disebut karangan carpon teh? Naon wae ciri-cirina?

jawabannya pake bahasa sunda ya MAKASIH

1 Jawaban

  • Karangan carpon atawa carita pondok nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa sok disebut prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa moderen jeung prosa buhun. Anu kaasup kana prosa moderen nyaeta saperti carpon jeung novel. Sedengkeun anu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

    Pembahasan

    Ciri-cirina karangan carpon nyaeta :

    1. Carpon kaasup kana prosa moderen anu eusi caritana pondok, sakitar 5 nepi ka 10 kaca majalah.

    2. Anu nulis atawa pangarang carpon biasana jelas.

    3. Carita nu aya dina karangan carpon bisa mangrupa carita khayal atawa carita nyata. Tapi, sanajan caritana khayal, carita nu aya dina karangan carpon mah biasana logis.

    4. Carita nu aya dina karangan carpon biasana mangrupa carita anu rakyat sentris, realistis, bahan caritana dicokot tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, sarta biasana dipangaruhan ku sastra barat.

    5. Carita nu aya dina karangan carpon temana biasana bebas, sarta sifatna dinamis.

    6. Palaku anu aya dina karangan carpon biasana mah ngan jelema wungkul.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Bedana carpon jeung dongeng https://brainly.co.id/tugas/2729194

    2. Naon anu jadi ukuran pondok dina carpon https://brainly.co.id/tugas/9675905

    3. Bedana carpon jeung novel https://brainly.co.id/tugas/5406448

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pondok

    Bab : 8

    Kode : 8.13.8

    Kata Kunci : Karangan carpon, prosa moderen

Pertanyaan Lainnya